Jumat, 31 Maret 2017

Pupuh penghayat aliran kebatinan perjalanan

                  Asmaran dana

1.   Matak kasamaran pikir
      Lamun teu, sabar taweukal
       Dibareungan geude hate
       Ngalakonan perjalanan
       Ku, lobana halangan
       Pikeun ngangkat jeung nga jung-jung
       Darajat bangsa sorangan

2.   Tapi mungguh maha suci
       Dina masihan lantaran
       Sakitu kuring teh bodo
       Asa gampang ngahartina
       Ma' lum kabeh geus aya
       Aya di badan sakujur
       Teurang nyata ku wujudna

3.  Tanggal hiji bulan mei
      Poens dina juma' ah 
      Ninggang pasaran kaliwon
      Ngitung masehi tahuna
      Sarebu jeung dalapan
      Sarebu jeung salapan puluh
      Tujuh lalangkungan nana

4.    Simkuring ka dunya lahir
       Kitu saur indung bapa
       Nu nyaksian lahir batos
       Nu wajib di dipercaya
       Ku sikuring sorangan
       Tur wajib di panjang-punjung
       Di dunya tug ka aherat

6.    Mei teh pangeling-ngeling
       Tanggal bulan kahirupan
       Ari tugas anu tangtos
       Nya eta karta winata
       Ngartakeun ka winata
       Neupikeun hasil maksud
       Hasil tina perjalanan

6.   Ti purwa karta mimiti
       Karta di jaman baheula
       Bandung anu jadi hate
       Nga bandungan nu kawasa
       Rasa anu nyaksian
       Aya na gusti nu wujud
       Nu wajib di pangeranan

7.   Kebon jatina pamanggih
       Nu aya di perjalanan
       Meulak hade buah hade
       Ku-maha asal purwana
       Nya temen tinemenan
       Buktina ari geus jadi
       Kusimkuring kalakonan

8.   Tanggal hiji bulan mei
       Kaliwon pasaran-nana
       Tanggal timbul aya hate
       Tujuh welas ka-sasama
       September sasih salapan
       Tedak wali maha agung
       Salapan etangan-nana

9.   Taun anu kapieling
       Sarebu sareng salapan
       Ratus punjulna sayaktos
       Duwa puluh tujuh nyata
       Di subang purwa karta
       Cimerta nya ngaran kampung
       Cileuleuy ngaran walungan

10.  Tengah poe sisi cai
       Ca' ang padang narawangan
       Kaget make aya hate
       Cai ka itung lobana
       Di barung ku kaheranan
       Mikiran cai ti gunung
       Asalna ngan cing kareclak

11.  Tapi palidna ka hilir
       Sakur anu ka liwatan
       Boh sawah atawa kebon
       Walatra ka bagian
       Tapi teu saat-saat
       Malah sa memeh ka laut
       Cai anggur ngagedean

12.  Keresana maha suci
       Ku simkuring dipikiran
       Ka pikir asa nu gelo
       Ka denge aya suwara
       Tapi taya jalmana
       Ka kuring mere pitutur
       Purwakarta nusa nyata

13.  Kerta tengtrem hate kuring
       Ulah sok make itungan
       Lamun erek mere maweh
       Cileleuy kudu turutan
       Ci cai kahirupan
       Teu eureun-ereun tutulung
       Sapanjangna perjslanan

14.  Kamurahan maha suci
       Saestu taya surudna
       Kanu goreng jeung nu hade
       Tanggungan sewang-sewangan
       Sing leleuy migawena
       Ulah ka buru ku nafsu
       Matak goreng balukarna

15.  Ci merta mertakeun diri
       Kahirupan ka tengtreman
       Subang-ge nya kitu keneh
       Ngandung harti teu lumayan
       Su teh hade maksudna
       Bang nurut galur karuhun
       Bangsa pihartieun-nana

16.  Ari tahun ngandung harti
       Pranatan atawa tata
       Hiji nya gusti hyang manon
       Salapan wali alah-na
       Duwa keucap tandingan
       Goreng hade handap luhur
       Nu lumbrah di alam dunya

17.  Tujuh tujuan sing pasti
       Kitu harti eta angka
        1, 9 2, teh
       Angka 7 panutupna
       Nga jadi perjalanan      1
       Sapanjangna aya umur
       Perjalanan acan tamat

  
    

Tidak ada komentar:

Posting Komentar